Wednesday, March 16, 2016

Si Idin ditewak polisi lantaran kasus tabrakan.
Polisi: "Eta kumaha caritana nepika maneh nabrak jelema 20 kitu?"

Si Idin: "Nyaeta abdi nyetir mobil dina kecepatan 90 km/jam. Pas jalan cadasngampar ujug ujug remna blong. Pami ka kiri aya dua lalaki, ka katuhu aya nuhajatan  kawinan.

Coba pa polisi, pami bapa milih nabrak nu mana?"
Pulisi: "nya kuduna ka kiri atuh, korbanna leuwih saeutik".

Si idin: "tah persis pa! Abdi oge ngemutan teh kitu!"
Pulisi: "nya terus naha jadi nu di pesta kawinan nu ditabrak?!"

Si idin: "taaaaah, kieu masalahna. Abdi tos milih dua lalaki nu di kenca,.... eeeh maranehna kalahkah lumpat nyebrang ka pesta kawinan... jadi nya ku abdi teh dibelokkeun weh ka katuhu ngudag dua jelema eta pa....!"
Pulisi: "goblooooooog"siah  kuu nurustunjung.

Si idin: "sumuhun leres!! Eta duaan goblog kacidaaa pa. Naha bet nyebrang ka pesta kawinan....."***

No comments:

Post a Comment